Jurig Isola
Kungsi sakola di dieu jaman NKK/BKK, gedong ieu disebutna Partere. Sok aya jadwalkuliah umum di gedong ieu téh.
Kapoéknakeun ujug-ujug aya babaturan gura-giru, walahwah-weuleuhweuh nyampeurkeun kawas nu
kasieunan... Aya naon, mucunghul jurigna?
Kapoéknakeun ujug-ujug aya babaturan gura-giru, walahwah-weuleuhweuh nyampeurkeun kawas nu
kasieunan... Aya naon, mucunghul jurigna?
Di lobby aya piano kuno, butut, sorana mahiwal kacida. Sok aya nu nyaram, ulah ditabeuh.
Bisi jurig nu ngajirim Tuan Berreti datang, cenah. Komo pimalemeun Jumaah mah.
Sakali mah Kemis sore aya kuliah, éta piano ditabeuh sataker kebek. Sorana teu puguh
melodina, tang ting tong kumaha karep. Hayang nyaho wé, ngajirim atawa moal?
Bada magrib didagoan di buruan Partere, aya opatanana anu milu panasaran.
Manéhna gideug bari ngadégdég. "Lain... Itu aya nu baris, tentara."
Boa Menwa Apanan Yon XI keur latihan bada "pendudukan kampus" téa..
"Lain! Ningali tina seragamna mah siga tentara Jepang. Bedilna pararanjang. Ka dieu
barisna siah..." Ceuk manéhna bari lumpat ka tempat parkir, tuluy kabur maké motor kawas anu notog-notogkeun manéh...
Panasaran, hayang nyaho bungkeuleukan jurig tentara Jepang... Disampeurkeun tempat anu
ditunjukeun. Tapi rarasaan asa beurat ka lebah sieun... Jaba peuting di Isola harita mah can loba lampu.... Simpé.. Asa kadangu sora brak brik brek sapatu tentara baris....ngadeukeutan. Boa ilusi ceuli alatan sugesti.
Sugan téh enya aya jurig nu ngajirim Tuan Berreti. Ari ngajirim tentara Jepang sakompi mah, nya mending "Lariiii....!" Cikan, sugan aya sing saha waé anu kungsi kawénéhan diamprokan jurig Isola? :)

Komentar
Posting Komentar