Jurig Isola
Kungsi sakola di dieu jaman NKK/BKK, gedong ieu disebutna Partere. Sok aya jadwal kuliah umum di gedong ieu téh. Kapoéknakeun ujug-ujug aya babaturan gura-giru, walahwah-weuleuhweuh nyampeurkeun kawas nu kasieunan... Aya naon, mucunghul jurigna? Di lobby aya piano kuno, butut, sorana mahiwal kacida. Sok aya nu nyaram, ulah ditabeuh. Bisi jurig nu ngajirim Tuan Berreti datang, cenah. Komo pimalemeun Jumaah mah. Sakali mah Kemis sore aya kuliah, éta piano ditabeuh sataker kebek. Sorana teu puguh melodina, tang ting tong kumaha karep. Hayang nyaho wé, ngajirim atawa moal? Bada magrib didagoan di buruan Partere, aya opatanana anu milu panasaran. Manéhna gideug bari ngadégdég. "Lain... Itu aya nu baris, tentara." Boa Menwa Apanan Yon XI keur latihan bada "pendudukan kampus" téa.. "Lain! Ningali tina seragamna mah siga tentara Jepang. Bedilna pararanjang. Ka dieu barisna siah..." Ceuk manéhna bari lumpat ka tempat parkir, tuluy...